SELAMAT DATANG DI JENDELA CAKRAWALA ILMU, MEMBUKA WAWASAN BERFIKIR TANPA MELUPAKAN SIAPA YANG MENCIPTAKAN KITAwaspbook



Selasa, 10 November 2009



Ilen Kardani
Assalamu`alaikum Wr.Wb.
Nyanggakeun kanggo Kang Oman khususna, oge ka para wargi sadaya, kanggo ngabuburit.

"Lamun rahayat eta nagri ariman tur taraqwa, tinangtu bakal ginuluran barokah ti langit jeung bumi, tapi maranehanana daroraka, mangka pinanggih jeung kasusah/siksaan anu dilantarankeun ku kadorakaanana" (QS 7/196).
Cai mangrupakeun salah sahiji tina opat unsur alam (bumi, cai, angin, seuneu), anu bisa ngajirim dina rupa-rupa bentuk, kitu oge ngarana bisa jadi puluhan/ratusan/rebuan gumantung kana patempatan jeung samara anu dikandungna, aya cai laut, cai hujan, cai leuncang, cai ibun, cai walungan, cai nyusu, es, sirop, cikopi, cai teh, jus, jrrd. Kahirupan moal lumangsung lamun salah sahiji tina opat unsur alam ieu dileungitkeun ku nu ngadamelna, boh caina, bumina, seuneuna atanapi angina. Cai ngalimpudan sakabeh tilu pertala alam, di langit cai ngawujud haseup, di darat cai ngawujud laut/walungan jsb, di jero taneuh cai cicing sajeroning cadas/batu. Tegesna cai aya dimana-mana, dimana manusa aya didinya cai aya, di langit aya cai, di darat aya cai, di laut aya cai, dina tatangkalan aya cai, dina batu aya cai, dina wangunan gedong aya cai (tembok diaduk make cai), dina mobil aya cai (cai radiator, cai aki), dina wujud manusa aya cai, dina sasatoan aya cai, dina tutuwuhan aya cai, dina radio aya cai, dina komputer aya cai, dina setrika aya cai, meh sakabeh alat anu dijalankeun make tanaga listrik pasti ngandung unsur cai sabab listrik dijieun tina tanaga cai.

Lamun manusa geus bisa ngabedakeun cai murni tina sagala wadah, samara, jeung bentukna, hartina manusa geus wawuh kana mustikaning cai. Jadi teu salah-salah teuing jeung teu bener-bener teuing lamun aya anu nyebut cai kana tatangkalan, kana angin, kana wangunan gedong, kana wahangan, kana es, kana mobil, kana meja, kana korsi, kana lomari, kana radio, kana televisi, kana kadaharan (sangu, roti, bubuahan, daging), jeung sajabana, sabab kabehanana kalimpudan/kungsi kalimpudan ku cai. Sing saha anu hayang panggih jeung cai, tempo jeung regepkeun naon-naon anu aya di hareupeunana, tangtu papanggih, ngan panggihna aya anu pajonghok aya anu teu pajonghok, atawa panggihna teh ku teu kapanggih.

Demi pasipatan cai seukeut kaditu kadieu, hartina bisa jadi pahala lamun kaluar sifat jamal-na, oge bisa jadi mamala lamun keur kaluar sifat jalal-na, kakuatan pangaruhna mah meh sarua. Salalawasna ieu sipat jalal jeung jamal teh muncul babarengan saitungan waktu, tina hiji waktu aya manusa anu keur ngarasakeun jamalna cai, tina waktu anu sarua oge aya manusa anu ngarasakeun jalal-na tina cai. Tina hiji waktu aya jalma anu keur ngarasakeun kanikmatan anu datang tina cai, tina waktu anu sarua aya oge jalma anu keur ngarandapan kasusah kulantaran cai. Cai bisa jadi sumber kahirupan, oge cai bisa ngakalakeun jelema nepi ka nembahan patina, geus loba catetan tina sajarah yen cai pernah ngabalukarkeun rebuan/jutaan manusa pinanggih jeung ajal, sabalikna sakabeh manusa di dunya kalimpudan ku mangpaat anu dikaluarkeun ku cai. Ceuk sakaol mah cai teh mangrupakeun gambaran sipat Pangeran anu aya di dunya.

Nyakitu oge tina hiji waktu aya anu keur ngarandapan peuting, oge aya anu keur ngarandapan beurang. Beurang jeung peuting ngajadi babarengan, henteu piligenti, ngan patempatanana anu piligenti. Sifat jalal jeung sifat jamal leumpang sarimbagan, kitu mungguh anu Maha Sampurna, moal disebut sampurna lamun wawarehan, aya hiji euweuh hiji, aya beurang euweuh peuting, aya bener euweuh salah, aya susah euweuh senang, aya panas euweuh tiis, aya beunghar euweuh sangsara, aya gaib euweuh galib, aya pait euweuh amis, jsb. Salaku manusa wajib tumarima kana sagala kajadian anu karandapan, ulah resep kana senang wungkul matak ngewa kanu susah, ulah resep kanu beunghar wungkul matak karunya kanu sangsara, ulah betah di beurang wungkul matak suwung waktu peuting. Anu matak aya paribasa Sunda , "Ulah ngewa ka halodo, matak senang ka palika. Jeung ulah ngewa kana ngijih matak senang bapa tani". Teges pisan kumaha pantesna manusa nempatkeun sikap salaku makhluk Nu Maha Kawasa.

Tina lalakon pawayangan aya anu disebut Ajian Pancasona, nyaeta ajian anu ngandelkeun kana wewesen cai, pangaruhna bisa seukeut kaditu kadieu, keur deleka bisa, keur tutulung oge bisa, sarua wae matihna mah, gumantung kanu metakeunana. Basa Ajian Pancasona dicepeng ku Raden Subali, wewesena mawa barokah keur manusa sabudeureunana, sabalikna ari keur dicepeng ku Rahwana mah malah jadi mamala ka balarea. Tina lalakon wayang sejena aya anu katelah "Talaga Pancuran", sirah cai anu mere kahirupan ka rahayat Amarta dibendung ku Bima tur ngabalukarkeun rahayat sajeroning nagri jadi katalangsara, sangsara kadungsang-dungsang, sawah garing, pepelakan pararaeh, dahareun hese, jsb. Demi anu ngalantarankeunana nyaeta Bima ngarasa keuheul kana kalakuan rahayatna anu geus heunteu malire tur teu mupusti deui kana Talaga Pancuran titinggal karuhuna, leuweung dibukbak dijieun paimahan, walungan dijadikeun pamiceunan runtah, pasawahan disulap jadi toko-toko, sirah cai dijadikeun hotel, jeung sajabana. Ku dibendungna sumber cai ku Bima, kakara sakabeh rahayat Amarta sadar kana pentingna cai keur kahirupan manusa kabeh, tapi orokaya Bima henteu daekeun ngudar bendunganana sanajan para dewa ti kahiangan turun ka marcapada geusan ngelingan Bima, kabeh teu aya nu metu sahingga Bima dilelerkeun ku Dewa Kamanusaan, nyaeta Semar anu ngagaduhan tugas babakti ka umat manusa sajagat, sarua jeung cai anu tugasna babakti ka manusa sakuliah dunya, teu dengdek topi, arek manusa jujur, jahat, beunghar, sangsara, islam, hindu, budha, atheis, kapercayaan, animisme, dinamisme, jsb, kabeh kalimpudan ku sifat asihna cai.

Dina lalakon wayang sejena, anu pakuat pakait jeung pentingna cai nyaeta Rama Tambak, harita Batara Rama anu parantos samagring sabalad-balad bade ngajorag Dasamuka ti nagri Alengkadireja, kapegat ku sagara anu misahkeun Guakiskenda sareng nagri Alengka. Mangka Batara Rama metakeun ajianana geusan menta tulung ka Dewa Baruna anu ngawasa laut, demi anu diseja nyaeta sangkan Dewa Baruna nyaatkeun lautna saharitaeun keur mere jalan meuntas pasukanana. Beak mantra beak kalimah, laut henteu saat-saat, akhirna Batara Rama bendu lajeng mesat gondewana bade mentang laut ku senjata warisan ti Rama Bargawa. Sakiceup saencan panah melesat tina gondewa, Batara Baruna megat terus mepeling, yen naon anu dipiharep ku Rama henteu diluyuan ku Sanghyang Wenang, sabab bakal maruksak mangjuta-juta makhluk anu merelukeun cai. Sabalikna, Batara Rama salaku titisan Wisnu kudu ngaheulakeun kapentingan balarea disagigireun kapentingan pribadi. Ngajaga cai sarua pentingna jeung ngajaga manusa.


PASIPATAN CAI

Cai ngabogaan sabababaraha sipat anu bisa dilenyepan:

1. Bener
Tingkah paripolah cai tara nista tina aturan alam, bener salawasna, luyu kana tujuan diciptakeunana cai nyaeta pikeun ngaping kahirupan makhluk sapangeusi dunya. Sakali waktu cai oge remen ngelingan ka umat manusa dimana manusa geus mopohokeun fitrah alam, sangkan baralik deui kana kahirupan anu bener, anu saluyu jeung aturan hirup.

2. Jujur
Cai tara linyok tara bohong, dimana-mana rupa jeung sipat cai sarua, ngaran terus kana wujud, wujud terus kana rupa, rupa terus kana sipat, sifat terus kana rasa. Keur dingaranan es wujudna padet, rupana herang, sipatna netep, rasana tiis. Jujurna cai teu pandang tempat jeung kaayaan, rek dihareupeun manusa, rek dihareupeun sato, oge rek dihareupeun tutuwuhan, cai salalawasna mintonkeun kajujuran.

3. Pinter
Kapinteran cai katingal tina kamampuhanana nyesuaikeun kaayaan dirina gumantung kana alam anu keur disinghareupan. Cai oge bisa nerus bumi ngambah jomantara, di alam tiis cai bisa jadi es, di alam panas cai bisa jadi haseup, tapi tetep cai bisa ngigelkeun jeung ngigeulan alam sabudeureunana. Tegesna cai bisa ngungkulan sagala pasoalan anu ditibankeun ka dirina.

4. Kuat
Kakuatan cai anu pilih tanding moal bisa ditumpurkeun, sabab kakuatanana ngabaju reujeung wujudna. Cai sanggup malidkeun sapangeusi dayeuh, cai sanggup ngaratakeun gunung, cai bisa nyieun gunung, cai sanggup ngeueum jagat, cai sanggup nyaangan (listrik) saalam dunya, jeung sajabana. Aya paribasa Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, batu anu sakitu teuasna beunang dipahat ku cikaracak anu teu sabaraha teuas. Tapak-tapak cai nembongkeun katohagaanana beunang dijieun bahan tafakur pikeun jalma anu mikir.

5. Adil
Cai ngabogaan sipat adil hartina teu pandang basa, agama jeung bangsa, uteuk tongo walang taga di satungkebing langit gkaraking jagat, salarea kabagi walatra mangpaatna tina cai. Cai anu asal ti Nu Maha Adil, ngabogaan sifat adil anu bisa dirasakeun di sakabeh makhluk.

6. Wani
Wani ngandung harti teu mundur tina nyinghareupan sagala rupa kaayaan tur cocoba, cai ngabogaan sifat anu wani sabab cai pantang mundur nyinghareupan kaayaan. Dipalidkeun ka laut cai turut, di bawa ka darat cai rikat, di tiup ku angin cai ngangin, dibendung ngabarung, nyinghareupan seuneu ludeung, nyorang kanu poek oge daek, tegesna taya kasieun taya karingrang, sanggup nandingan kanu aya di handap, di tengah jeung di luhur kalayan papak.

7. Asih
Makhluk cai anu asal ti Nu Maha Asih, ngawaris sifat-sifat asih tur dipintonkeun ku mere mangpaat ka sasama makhluk. Asihna cai walatra ngabagi sakabeh makhluk. Keur nu kahausan cai bisa mere kasegeran, keur kokotor cai bisa ngaberesihan, keur patani cai mere kasuburan, keur makhluk di laut cai mere kahirupan, keur makhluk di darat nyakitu keneh. Sagala kaayaan disinghareupan ku cai make dadasar asih, handap asor, tenang, jeung pasti.

8. Sadar, Sabar tur Tawekal
Cai digelarkeun ka alam dunya ku kersaning Nu Maha Kawasa, kalayan ngemban tugas ngaping kahirupan. Dibere tugas sakitu beuratna cai tumarima, teu ngajukeun naek banding atawa protes, sabab cai boga sifat sadar, sadar salaku abdi gusti pikeun ngawula ka sasama.


Ku manusa cai dipake sagala rupa kabutuhan hirup, tapi cai sabar tumarima kana takdir diri, teu humandeuar bari terus geten babakti. Dijieun bahan inumeun, dipake masak, dipake kukumbah, dialirkeun kana kolomberan, diasupkeun kana septic tank, dipake meresihan kokotor, dipake paniisan mesin, dijieun pusat tanaga listrik, jrrd, sakabehna ditedunan ku cai.

Demi sipat tawekal cai katingal tina tarekahna ciibun janari anu digelarkeun ku angin peuting, neangan jalan pangbalikan ka alam asal nyaeta laut. Salila kumelendang di darat, sakeclak cai manggihan mangpirang-pirang kangeunah jeung katugeunah, ti mimiti cicing ditempat anu pangmulyana, nepi ka cicing di tempat anu pikageuleuheun. Tapi manehna teu poho kana tujuan mimiti nyaeta balik deui ka laut, tempat dimana asal ngajadi. Katawekalan cai sanggup ngungkulan sagala bangbaluh, dimana pinanggih jeung hahalang, cai ikhtiar ngumpulkeun wewesena sangkan bisa leupas tina hahalang. Kitu saterusna nepika sakeclak cai balik deui nepi ka asal nyaeta laut, bari mawa rupa-rupa hasil.

Masih loba keneh sipat cai anu bisa diguar jeung bisa dijadikeun eunteung keur kahirupan manusa, sifat-sifatna bisa diconto jeung diterapkeun kana hirup kumbuh sasama hirup.


WALUNGAN CITARUM

Citarum hiji walungan gede anu meulah Tatar Pasundan ti belah tengah ka belah wetan, dimimitian ti suku Gunung Wayang malibir ka tengah kota Bandung terus ngamuara ka laut Jawa.

Sajarah ti Tatar Sunda anu aya patula-patalina sareng kahirupan cai nyaeta: Dewi Sumur Bandung (di Bandung), Talaga Sangiang (Majalengka), Talaga Pancawarna (Puncak Bogor), Talaga Pancuran (Situ Lembang), Situ Bagendit (Garut), Sangkuriang (Lalakon ngabendung Citarum), Situ Lengkong (Panjalu), Situ Cangkuang (Leles Garut), Curug Tujuh (Cimanganten Garut), Curug Panganten (Cimahi), Dewi Roro Kidul (Laut Kidul), Sangyang Batara Saraga (Laut Jawa), jrrd.

Citarum asal kecapna tina Cai + Tarum, disingket janten Citarum. Tarum salah sahiji pepelakan sabangsaning babadotan, jotang, antanan, jrrd sok jaradi dina galengan anu deukeut kana cai, umpamana dina sisi walungan atawa galengan sawah. Ngaran Citarum bisa jadi dilantarankeun ku lobana tarum di sabudeureun Citarum.

Sirah Citarum anu aya di Gunung Wayang, mangrupakeun saksi sajarah tur ulubiung kana mangrupa-rupa kajadian alam Pasundan khususna, alam dunya umumna. Gunung Wayang anu mangrupakeun `pawayangan ing manusa` geus nurunkeun sumber kahirupan keur umat manusa sadunya ku jalan ngocorkeun Citarum. Mangga lenyepan. Kuayana Citarum, tilu bendungan nyaeta Jatiluhur, Saguling jeung Cirata diwangun ngajadi sumber tanaga listrik, anu migeuykeun 90% tina kahirupan manusa jaman kiwari. Dua puluh opat jam sapoe, kabeh manusa di wewengkon Pasundan (ngawengku Sunda Besar jeung Sunda Kecil) marake listrik anu sumberna ti Citarum. Ku ayana listrik, mesin dijalankeun, wangunan-wangunan dicaangan, jeung teknologi dikembangkeun. Hasil-hasil tina industri, salian dipake ku Urang Sunda, oge sumebar ka lima benua. Jadi tetela pisan Gunung Wayang jeung Citarum-na sanggup mere mangpaat ka manusa sakuliah dunya.

Kukituna munasabah lamun manusa disabudeureun Citarum khususna, di sakuliah Pasundan umumna syukuran jeung sadar kana pentingna walungan Citarum pikeun karaharjaan. Bentuk syukuran bisa diwujudkeun ku ngajaga tur ngokolakeun Citarum sangkan bisa mere mangpaat salalawasna keur kahirupan.

Citarum bihari sarua jeung Citarum kiwari, bedana lamun baheula mah Citarum nu aya di Kota Bandung teh caina herang tembus ka dasar, ari ayeuna caina kiruh pinuh ku runtah. Bihari Pajajaran dihirupan ku Citarum, kiwari Pajajaran wanda anyar oge dihirupan ku Citarum, nu beda ngan waktu jeung nu ngalalakona. Pamingpin Pajajaran wanda anyar kudu bisa nyangking sifat-sifat cai, lain cai nu pinuh ku kokotor jeung runtah, atawa nu pinuh ku barang sampeuran, tapi cai anu datangna ti birit leuwi, ti Gunung Wayang pawayangan manusa.


   1. Eyang Sanghiang Bongbangkentjana (Ujung Sriwinangun)
   2. Eyang Adipati Wastukentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
   3. Eyang Nila Kentjana (Situ Pandjalu, Ciamis)
   4. Eyang Hariangkentjana (Situ Pandjalu Ciamis)
   5. Embah Dalem Tjikundul (Mande Cianjur)
   6. Embah Dalem Suryakentjana (PantjanitiCianjur)
   7. Embah Keureu (Kutamaneuh Sukabumi)
   8. Ibu Mayang Sari (Nangerang Bandrek Garut)
   9. Eyang Prabu Widjayakusumah (Susunan Payung Bandrek Garut)
   10. Embah Sayid Kosim (Gunung Alung Rantjapaku)
   11. Embah Bang Sawita (Gunung Pabeasan Limbangan Garut)
   12. Uyut Manang Sanghiang (Banten)
   13. Eyang Ontjar (Nyampai Gunung Bungrangrang)
   14. Eyang Ranggalawe (Talaga Cirebon)
   15. Ibu Siti Hadji Djubaedah (Gunung Tjupu Banjar Ciamis)
   16. Mamah Sepuh ((Gunung Halu Tjililin Bandung)
   17. Embah Sangkan Hurip (Ciamis)
   18. Embah Wali Abdullah (Tjibalong Tasikmalaya)
   19. Mamah Abu (Pamidjahan Tasikmalaya)
   20. Embah Dalem Panungtung Hadji Putih Tunggang Larang Curug Emas (Tjadas
   Ngampar Sumedang)
   21. Raden AstuManggala (Djemah Sumedang)
   22. Embah Santiung (ujung Kulon Banten)
   23. Eyang Pandita (Nyalindung Sumedang)
   24. Embah Durdjana (Sumedang)
   25. Prabu Sampak Wadja (Gunung Galunggung Tasikmalaya)
   26. Nyi Mas Siti Rohimah/Ratu Liongtin (Jambi Sumatera)
   27. Eyang Parana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
   28. Eyang Singa Watjana (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
   29. Eyang Santon (Kulur Tjipatujah, tasikmalaya)
   30. Eyang Entjim (Kulur Tjipatujah, Tasikmalaya)
   31. Eyang Dempul Wulung (Djaga Baya Ciamis)
   32. Eyang Dempul Walang (Djaga Baya Ciamis)
   33. Eyang Giwangkara (Djaga Baya Ciamis)
   34. Embah Wali Hasan (Tjikarang Bandrek, Lewo Garut)
   35. Embah Raden Widjaya Kusumah (Tjiawi Sumedang)
   36. Dalem Surya Atmaja (Sumedang)
   37. Eyang Rangga Wiranata (Sumedang)
   38. Eyang Mundinglaya Dikusumah (sangkan Djaya, Sumedang)
   39. Eyang Hadji Tjampaka (Tjikandang, Tjadas Ngampar Sumedang)
   40. Eyang Pangtjalikan (Gunung Ringgeung Garut)
   41. Eyang Singa Perbangsa (Karawang)
   42. Embah Djaga Laut (Pangandaran)
   43. Raden Ula-ula Djaya (Gunung Ringgeung Garut)
   44. Raden Balung Tunggal (Sangkan Djaya, Sumedang)



On Tue, Jul 15, 2008 at 10:05 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> #3
>
>    1. Embah Dipamanggakusumah (Munjul, Cibubur)
>    2. Aki Mandjana (Samodja, Kamayangan)
>    3. Eyang Raksa Baya (Samodja, Kamayangan)
>    4. Embah Dugal (Tjimunctjang (
>    5. Embah Dalem Dardja (Tjikopo)
>    6. Embah Djaengranggadisastra (Tjikopo)
>    7. Nyi Mas Larasati (Tjikopo)
>    8. Embah Dalem Warukut (Mundjul, Cibubur)
>    9. Embah Djaya Sumanding (Sanding)
>    10. Embah Mansur Wiranatakusumah (Sanding)
>    11. Embah Djaga Alam (Tjileunyi)
>    12. Sembah Dalaem Pangudaran (Tjikantjung Majalaya)
>    13. Sembah Dalem Mataram (Tjipantjing)
>    14. Eyang Nulinggih (Karamat Tjibesi, Subang)
>    15. Embah Buyut Putih (Gunung Pangtapaan, Bukit Tunggul)
>    16. Embah Ranggawangsa (Sukamerang, bandrek)
>    17. Eyang Yaman (Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
>    18. Embah Gurangkentjana(Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
>    19. Embah Gadjah Putih (Tjikawedukan Gunung wangun)
>    20. Ratu Siawu-awu (Gunung Gelap, pameungpeuk Sumedang)
>    21. Embah Mangkunegara (Cirebon)
>    22. Embah Landros (Tjibiru Bandung)
>    23. Eyang latif (Tjibiru Bandung)
>    24. Eyang Penghulu (Tjibiru Bandung)
>    25. Nyi Mas Entang Bandung (Tjibiru Bandung)
>    26. Eyang Kilat (Tjibiru Bandung)
>    27. Mamah Hadji Umar (Tjibiru Bandung)
>    28. Mamah Hadji Soleh (Tjibiru Bandung)
>    29. Mamah Hadji Ibrahim (Tjibiru Bandung)
>    30. Uyut Sawi (Tjibiru Bandung)
>    31. Darya binSalmasih (Tjibiru Bandung)
>    32. Mmah Hadji Sapei (Tjibiru Bandung)
>    33. Embah Hadji Sagara Mukti (Susunan Gunung Ringgeung)
>    34. Eyang Istri (Susunan Gunung Ringgeung)
>    35. Eyang Dewi Pangreyep (Gunung Pusaka Padang Garut)
>    36. Ratu Ayu Sangmenapa (Galuh)
>    37. Eyang Guru Adji panumbang (Tjilimus Gunung Sawal)
>    38. Eyang Kusumah Adidinata (Tjilimus Gunung Sawal)
>    39. Eyang Rengganis (Pangandaran Ciamis)
>    40. Ki Nurba'in (Sayuran, Gunung Tjikursi)
>    41. Buyut Dasi (Torowek Tjiawi)
>    42. Embah Buyut Pelet (Djati Tudjuh Kadipaten)
>    43. Embah Gabug (Marongge)
>    44. Eyang Djayalaksana (Samodja)
>    45. Nyi Mas Rundaykasih (Samodja)
>    46. Nyi Mas Rambutkasih (Samodja)
>
>
>
> On Tue, Jul 15, 2008 at 10:04 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>> #2
>>
>>    1. Eyang mangkudjampana (Gunung Tjakrabuana, Malangbong Garut)
>>    2. Embah Purbawisesa (Tjigorowong, Tasikmalaya)
>>    3. Embah Kalidjaga Tedjakalana (Tjigorowong, Tasikmalaya)
>>    4. Embah Kihiang Bogor (Babakan Nyampai, Bogor)
>>    5. Aki Wibawa (Tjisepan, Tasikmalaya)
>>    6. Embah wali Mansyur (Tomo, Sumedang)
>>    7. Prabu Nagara Seah (Mesjid Agung Tasikmalaya)
>>    8. Sunan Rumenggang (Gunung Batara Guru)
>>    9. Embah Hadji Djaenudin (Gunung Tjikursi)
>>    10. Eyang Dahian bin Saerah (Gunung ringgeung, garut)
>>    11. Embah Giwangkarawang (Limbangan Garut)
>>    12. Nyi Mas Layangsari (Gunung Galunggung)
>>    13. Eyang Sunan Cipancar (Limbangan garut)
>>    14. Eyang Angkasa (Gunung Kendang, Pangalengan)
>>    15. Embah Kusumah (Gunung Kendang, Pangalengan)
>>    16. Eyang Puspa Ligar (Situ Lengkong, Panjalu Ciamis)
>>    17. Kimandjang (Kalapa 3, Basisir Kidul)
>>    18. Eyang Andjana Suryaningrat (Gunung Puntang Garut)
>>    19. Gagak Lumayung (Limbangan Garut)
>>    20. Sri Wulan (Batu Hiu, Pangandaran Ciamis)
>>    21. Eyang Kasepuhan (Talaga Sanghiang, Gunung Ciremai)
>>    22. Aki manggala (Gunung Bentang, Galunggung)
>>    23. Ki Adjar Santjang Padjadjaran  (Gunung Bentang, Galunggung)
>>    24. Eyang Mandrakuaumah (Gunung Gelap Pameungpeuk, Garut)
>>    25. Embah Hadji Muhammad Pakis (Banten)
>>    26. Eyang Boros Anom (Situ Lengkong, Pandjalu Ciamis)
>>    27. Embah Raden Singakarta (Nangtung, Sumedang)
>>    28. Raden Rangga Aliamuta (Kamayangan, Lewo-Garut)
>>    29. Embah Dalem Kasep (Limbangan Garut)
>>    30. Eyang Imam Sulaeman (Gunung Gede, Tarogong)
>>    31. Embah Djaksa (Tadjursela, Wanaraja)
>>    32. Embah Wali Kiai Hadji Djafar Sidik (Tjibiuk, Garut)
>>    33. Eyang Hemarulloh (Situ Lengkong Pandjalu)
>>    34. Embah Dalem (Wewengkon, Tjibubut Sumedang
>>    35. Embah Bugis (Kontrak, Tjibubut Sumedang)
>>    36. Embah Sulton Malikul Akbar (Gunung Ringgeung Garut)
>>    37. Embah Dalem Kaum (Mesjid Limbangan Garut)
>>    38. Mamah Sepuh (Pesantrean Suralaya
>>    39. Mamah Kiai hadji Yusuf Todjiri (Wanaradja)
>>    40. Uyut demang (Tjikoneng Ciamis)
>>    41. Regregdjaya (Ragapulus)
>>    42. Kiai Layang Sari (Rantjaelat Kawali Ciamis)
>>    43. Embah Mangun Djaya (Kali Serayu, Banjarnrgara)
>>    44. Embah Panggung (Kamodjing)
>>    45. Embah Pangdjarahan (Kamodjing)
>>    46. Syekh Sukri (Pamukiran, Lewo Garut)
>>
>>
>>
>>
>> On Tue, Jul 15, 2008 at 9:42 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>> kenging ti Abah Sech Gentong Jakarta Barat
>>>
>>> punten ngiring ngalungkeun postingan mugia aya mangfaatna,
>>> pami tea kantos di salabarkeun ka ieu milist atuh salaku
>>> pangeling-ngeling
>>> mangka eling yen rumaos ngaraos katurunan SUNDA.
>>>
>>> Mulai sekarang kita harus mengenal asal usul kita supaya tidak kehilangan
>>> identitas sebagai bangsa Indonesia terutama orang Sunda atau yang mengaku
>>> orang Sunda
>>>
>>>    1. Pangeran Jayakarta (Rawamangun Jakarta)
>>>    2. Eyang Prabu Kencana (Gunung Gede, Bogor)
>>>    3. Syekh Jaenudin (Bantar Kalong)
>>>    4. Syekh maulana Yusuf (Banten)
>>>    5. Syekh hasanudin (Banten)
>>>    6. Syekh Mansyur (Banten)
>>>    7. Aki dan Nini Kair (Gang Karet Bogor)
>>>    8. Eyang Dalem Darpa Nangga Asta (Tasikmalaya)
>>>    9. Eyang Dalem Yuda Negara (Pamijahan Tasikmalaya)
>>>    10. Prabu Naga Percona (Gunung Wangun Malangbong Garut)
>>>    11. Raden Karta Singa (Bunarungkuo Gn Singkup Garut)
>>>    12. Embah Braja Sakti (Cimuncang, Lewo Garut)
>>>    13. Embah Wali Tangka Kusumah (Sempil, Limbangan garut)
>>>    14. Prabu Sada Keling (Cibatu Garut)
>>>    15. Prabu Siliwangi (Santjang 4 Ratu Padjadjaran
>>>    16. Embah Liud (Bunarungkup, Cibatu Garut)
>>>    17. Prabu Kian Santang (Godog Suci, garut)
>>>    18. Embah Braja Mukti (Cimuncang, Lewo Garut)
>>>    19. Embah Raden Djaenuloh (Saradan, Jawa Tengah)
>>>    20. Kanjeng Syekh Abdul Muhyi (Pamijahan Tasikmalaya)
>>>    21. Eyang Siti Fatimah (Cibiuk, Leuwigoong Garut)
>>>    22. Embah Bangkerong (Gunung Karantjang)
>>>    23. Eyang Tjakra Dewa (Situ Lengkong, Pandjalu Ciamis)
>>>    24. Eyang Prabu Tadji Malela (Gunung Batara Guru)
>>>    25. Prabu Langlang Buana (Padjagalan, Gunung Galunggung
>>>    26. Eyang Hariang Kuning (Situ Lengkong Pandjalu Ciamis)
>>>    27. Embah Dalem Salinggih (Cicadas, Limbangan Garut)
>>>    28. Embah Wijaya Kusumah (Gunung Tumpeng Pelabuhan Ratu)
>>>    29. Embah Sakti Barang (Sukaratu)
>>>    30. Syekh Abdul Rojak Sahuna (Ujung Kulon Banten)
>>>    31. Prabu Tjanar (Gunung Galunggung)
>>>    32. Sigit Brodjojo (Pantai Indramayu)
>>>    33. Embah Giwangkara (Djayabaya Ciamis)
>>>    34. Embah Haji Puntjak (Gunung Galunggung)
>>>    35. Dewi Tumetep (Gunung Pusaka Padang, Ciamis)
>>>    36. Eyang Konang Hapa (Dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    37. Embah Terong Peot (dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    38. Embah Sayang Hawu (Dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    39. Embah Djaya Perkasa (Dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    40. Prabu Geusan Ulun (Dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    41. Nyi Mas Ratu harisbaya (Dayeuh Luhur, Sumedang)
>>>    42. Eyang Anggakusumahdilaga (Gunung Pusaka Padang Ciamis)
>>>    43. Eyang Pandita Ratu Galuh Andjarsukaresi (Nangerang)
>>>    44. Embah Buyut Hasyim (Tjibeo Suku Rawayan, Banten)
Makam karuhun sunda (seri 3)
Posted in Tak Berkategori | Tags: makam karuhun sunda


1.Embah Dipamanggakusumah (Munjul, Cibubur)
2.Aki Mandjana (Samodja, Kamayangan)
3.Eyang Raksa Baya (Samodja, Kamayangan)
4.Embah Dugal (Tjimunctjang (
5.Embah Dalem Dardja (Tjikopo)
6.Embah Djaengranggadisastra (Tjikopo)
7.Nyi Mas Larasati (Tjikopo)
8.Embah Dalem Warukut (Mundjul, Cibubur)
9.Embah Djaya Sumanding (Sanding)
10.Embah Mansur Wiranatakusumah (Sanding)
11.Embah Djaga Alam (Tjileunyi)
12.Sembah Dalaem Pangudaran (Tjikantjung Majalaya)
13.Sembah Dalem Mataram (Tjipantjing)
14.Eyang Nulinggih (Karamat Tjibesi, Subang)
15.Embah Buyut Putih (Gunung Pangtapaan, Bukit Tunggul)
16.Embah Ranggawangsa (Sukamerang, bandrek)
17.Eyang Yaman (Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
18.Embah Gurangkentjana(Tjikawedukan, Gunung Ringgeung Garut)
19.Embah Gadjah Putih (Tjikawedukan Gunung wangun)
20.Ratu Siawu-awu (Gunung Gelap, pameungpeuk Sumedang)
21.Embah Mangkunegara (Cirebon)
22.Embah Landros (Tjibiru Bandung)
23.Eyang latif (Tjibiru Bandung)
24.Eyang Penghulu (Tjibiru Bandung)
25.Nyi Mas Entang Bandung (Tjibiru Bandung)
26.Eyang Kilat (Tjibiru Bandung)
27.Mamah Hadji Umar (Tjibiru Bandung)
28.Mamah Hadji Soleh (Tjibiru Bandung)
29.Mamah Hadji Ibrahim (Tjibiru Bandung)
30.Uyut Sawi (Tjibiru Bandung)
31.Darya binSalmasih (Tjibiru Bandung)
32.Mmah Hadji Sapei (Tjibiru Bandung)
33.Embah Hadji Sagara Mukti (Susunan Gunung Ringgeung)
34.Eyang Istri (Susunan Gunung Ringgeung)
35.Eyang Dewi Pangreyep (Gunung Pusaka Padang Garut)
36.Ratu Ayu Sangmenapa (Galuh)
37.Eyang Guru Adji panumbang (Tjilimus Gunung Sawal)
38.Eyang Kusumah Adidinata (Tjilimus Gunung Sawal)
39.Eyang Rengganis (Pangandaran Ciamis)
40.Ki Nurba’in (Sayuran, Gunung Tjikursi)
41.Buyut Dasi (Torowek Tjiawi)
42.Embah Buyut Pelet (Djati Tudjuh Kadipaten)
43.Embah Gabug (Marongge)
44.Eyang Djayalaksana (Samodja)
45.Nyi Mas Rundaykasih (Samodja)
46.Nyi Mas Rambutkasih (Samodja
Pangeran Sogiri
BOGOR - Untuk mengenal Kota Bogor tidak ada salahnya kita mengenal juga tokoh atau orang yang dituakan (karuhun -pen). Kali ini dijelaskan secara sekilas tokoh Bogor, Pangeran Sogiri atau Pangeran Sageri. Nama tokoh ini sudah dijadikan salah satu nama jalan di daerah Tanah Baru, Bogor Utara.
Dalam silsilah kesultanan Banten, pangeran Sogiri atau dikenal dengan nama pangeran Sugiri atau Pangeran Sageri adalah putra dari Sultan Ageng Tirtayasa -’Abul Fath ‘Abdul Fattah (1651-1672) yang juga masih keturunan Syarif Hidayatullah.
Sebenarnya Pangeran Sogiri mempunyai dua saudara yang lain yaitu Maulana Mansyuruddin, makamnya terletak di Cikadueun Banten, Pangeran Sake atau juga dikenal dengan nama Pangeran Soheh, makamnya terletak di Citeureup. Sedangkan Pangeran Sogiri dimakamkan di Jatinegara Jakarta.
Tidak ada yang tau pasti kenapa Pangeran Sogiri dsampai di Jatinegara dan dimakamkan disana. Konon menurut cerita yang berkembang Pangeran Sogiri juga pernah melawan penjajah Belanda, dalam perjalanan perang melawan Belanda ini mungkin Sogiri sampai ke Jatinegara.
Meskipun keturunan raja, Pangeran Sogiri yang punya kecendrungan sufi lebih memilih menjadi santri ketimbang meneruskan menjadi seorang pamong seperti ayahnya. Selain itu sebagai anak kedua ia pun tidak dijadikan putra mahkota oleh ayahnya karena ada Maulana Masyurudin.
Sejatinya Pangeran Sogiri tidak pernah tinggal di Bogor, tetapi keturunannya banyak yang tinggal hingga wafat dan dimakamkan di Bogor. Putra Pangeran Sogiri diantaranya Pangeran Kanzul Arifin dan Raden Koyong, keduanya dimakamkan di Jatinegara disamping ayahnya. [sumber: Gentra Madani]
Baraya,

Kaparengkeun aya waktu rada rineh, seja nepikeun peperinian "amanah" para karuhun anu sae anu kacatet dina naskah kuno. Naon anu arek ditepikeun ieu ngarupakeun seratan / kasauran yasana pangersa abah Surya dina acara mieling milangkala kamerdikaan nagara urang, Indonesia tea, di lingkungan Gubernuran. Tegesna, Abah Surya (HR Hidayat Suryalaga) anu danget ieu nuju dirawat di salah sahiji rumah sakit di Bandung (pamugi anjeunna masing enggal damang sabihara-bihari deui), diulem ku pihak gubernuran kanggo ngadugikeun wejangan dina maleman milangkala kamerdikaan RI tingkat gubernuran.
1. Panganteur
(1)
Ieu amdato - eh pidato - abah teh dijejeran "Amanah Karuhun Sunda pikeun Ngeusian Kamerdekaan Bangsa". Eusina ngarupakeun cutatan jeung pedaranana anu pakait tina amanah-amanah sababaraha karuhun Sunda anu kacatet (sumber tertulis) boh dina dina naskah kuno atawa prasasti Sunda. Hartina, lain ukur carita lisan, tapi aya bukti bungkeuleukanana di arsip Nasional atawa tempat-tempat resmi sejenna anu nyimpen eta naskah kuno atawa kabuyutan tempat prasasti-prasasti anu jadi rujukan.  Diantara karuhun anu jadi sumber rujukan anjeunna, nyaeta: 1. Prabu Guru Darmasiksa (Raja Sunda, 1175 - 1297 M; marentah salila 112 taun); 2. Prabu Niskala Wastu Kancana, Raja Galuh-Sunda (periode Kawali, 1371 - 1475 M, marentah salila 104 taun); 3. Sri Baduga Maharaja (Prabu Jayadewata/Prabu Siliwangi) Raja Pajajaran (1482 - 1521 M).

(2)
Eusining amanah karuhun US anu dituturkeun deui ku pangersa Abah Surya, mataholangna ngeunaan papagon dina marentah jeung hirup kumbuh kamasyarakatan. Leuwih ecesna, tetela, para karuhun geus maju pisan pangemutna, yen beureum hideungna kaayaan masyarakat eta teh gumantung opat pihak : 1) anu jadi pamarentahna/para pamimpinna, 2) jelma-jelma anu palinter ti antara anggota masyarakat, 3) jelma-jelma anu baleunghar di jero masyarakat, 4) para gegeden ti antara masyarakat. Leuwih ecesna deui, paripolah anu salah, utamana laku korupsi, KKN jeung sabangsana ti para pamimpin, gegeden, anu palinter jeung anu baleunghar eta sabab musabab hancurna hiji masyarakat di mana wae di dunya ieu.

Hal ieu ditepikeun kalawan tan (tanpa) tedeng aling-aling ku abah ka rengrengan para pangagung, inohong, jeung undangan anu hadir dina riungan milangkala anu kasebut di luhur.

(3)  
Tetela, budaya Sunda geus ngabogaan "istilah teknis" paripolah para pamimpin anu matak nyilakkeun rahayat dina waktu anu lila (korupsi, KKN, jst). Istilah teknis eta kapanggih tina amanah Sri Baduga Maharaja anu katuliskeun ku yasana Ni Dawet (wanoja, satingkat pandita) dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kanda Karesian (SSKK - 1518 M, sarga XXII). Istilah teknis anu dimaksud, anu sakuduna disinglar ku sarerea, nyaeta: BURANGKAK, MARIRIS, MARENDE, jeung WIRANG. Anu kumaha anu disebut Burangkak, Mariris, Marende jeung Wirang teh? Mangga, ilo wae eusi pidato abah Surya di handap ieu anu didugikeun satarabasna dina riungan mieling HUT RI ka-61 di gubernuran Jawa Barat.

Sabalikna, rusiah atawa kiat pamarentahan /pamimpin (raja-raja) Sunda baheula, anu bisa marentah nepi ka leuwih ti 100 taun atawa marentah anu nepi ka wangi ka sakuliah Nusantara (batasan nusantara harita ngawengku Asia Tenggara ayeuna) nya taya lian ku sabab para pamimpin harita geus bisa ninggalkeun paripolah goreng anu kasebut di luhur (Burangkak, Mariris, Marende, jeung Wirang).

(4)
Saterusna, abah Surya nyimpulkeun tugas anu ditimba tina amanah para karuhun Sunda pikeun ngeusian alam kamerdekaan ayeuna dina papagon "Catur Manusa Utama". Eusining Catur Utama estuning basajan dina dadaran, tapi jero jeung kudu ditarekahan kalawan daria. Catur utama anu merenah pisan upama jadi visi jeung misi atikan di Tatar Sunda (oge sa Indonesia satemenna mah) diwangun ku opat kualitas: 1) Luhung elmuna, 2) Pengkuh agamana, 3) Jembar budayana, 4) Rancage gawena.

Kalawan diadumaniskeun jeung papagon agama, abah nutup pidatona anu ngarupakeun mataholang ajen-inajen budaya Sunda ku cutatan tina Nurhidayahan, surah Ar Raad (QS 13) ayat 11 yen robahna hiji kaom gumantung kana tarekahna pribadi, dina pupuh dangdanggula.

(5)
ieu materi mieling HUT RI di gubernuran teh didugikeun oge ku abah dina acara "Pelatihan Instruktur Sosialisasi + Simulasi Mitigasi Bencana Gempa jeung Tsunami". Hiji acara tina runtuyan 4 hambalan acara "aksi peduli kisunda untuk Bencana Jabar Selatan" anu diluluguan ku Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya kalawan dirojong ku Kusnet, milist Tasik, milis kisunda, Yayasan Sawala Bumi jeung Yayasan Pasamoan Sophia. Hiji acara anu diwangun ku opat hambalan anu dina danget ieu karek anggeus dua hambalan (survei lokasi & materi, 5-6 Agustus 2006 + pelatihan instruktur 19 - 20 Agustus 2006)

Pakaitna amanah karuhun jeung urusan bencana alam taya lian, kusabab nuturkeun panitenanana, abah nandaan yen mindengna kajadian bencana pakait jeung gorengna ngokolakeun nagara. Atawa, sabalikna, kaayaan masyarakat anu ayem tentrem suwung tina bancangpakewuh eta minangka barokah tina kapamimpinan anu bisa silih asih, silih asah, silih asuh;  ngertakeun bumi lamba jeung miara kabuyutan, sakumaha eusining amanah karuhun Sunda.

Sakitu heula minangka panganteur. Anapon eusining pidato abah anu ngarupakeun amanah luluhur pikeun ngeusian kamerdekaan bangsa bade ditepikeun dina postingan anu kadua runtuyan ieu jejer, manawi pareng.

Tidak ada komentar: